PANCAKAKI / SILSILAH KELUARGA Pancakaki nya éta hiji sistem nu ngagambarkeun hubungan kulawarga . Bangsa-bangsa di dunya atawa nu basana béda bisa waé ngabogaan pola-pola nu ampir sarua. Upami kitu, narẢjamahkeun hiji istilah ka basa séjén minangka pagawéan nu teu susah. Ngan sakapeung, panarjamah héséeun narjamahkeun istilah-istilah pancakaki ti bangsa nu sistemna béda. Pancakaki urang Sunda Urang Sunda boga kebiasaan pikeun néangan hubungan kakulawargaan jeung jalma nu kakara dipikawanoh ngaliwatan pancakaki. Lamun euweuh hubungan kulawarga, masih ditéangan kénéh hubungan nu séjén, misalnya lantaran aya kenalan anu kungsi babarengan di sakola atawa di tempat gawé. [1] Dina adat istiadat urang Sunda , pancakaki téh ngabogaan dua harti. Kahiji, pancakaki téh hartina pernahna jelema ka jelema deui anu sa kulawarga atawa anu kaasup baraya kénéh. Upamana baé, kumaha pancakakina si Dadap ka si Waru, naha kaasup indung, bapa, nini, aki, paman, bibi, a...
Postingan
Menampilkan postingan dari November, 2016