PANCAKAKI / SILSILAH KELUARGA
Pancakaki urang Sunda
Urang Sunda boga kebiasaan pikeun néangan hubungan kakulawargaan jeung jalma nu kakara dipikawanoh ngaliwatan pancakaki. Lamun euweuh hubungan kulawarga, masih ditéangan kénéh hubungan nu séjén, misalnya lantaran aya kenalan anu kungsi babarengan di sakola atawa di tempat gawé.[1] Dina adat istiadat urang Sunda, pancakaki téh ngabogaan dua harti. Kahiji, pancakaki téh hartina pernahna jelema ka jelema deui anu sakulawarga atawa anu kaasup baraya kénéh. Upamana baé, kumaha pancakakina si Dadap ka si Waru, naha kaasup indung, bapa, nini, aki, paman, bibi, anak, incu, buyut. alo, suan, jsté. Kadua, pancakaki téh hartina mapay perenahna kabarayaan.- Ka handap:
-
- anak: turunan kahiji
- incu: turunan kadua, anak ti anak
- buyut: turunan katilu, anak ti incu
- bao: turunan kaopat, anak ti buyut
- Ka luhur:
-
- bapa: kolot lalaki
- indung: kolot awéwé
- aki: kolotna lalaki ti bapa atawa indung
- nini: kolot awéwé ti bapa atawa indung
- uyut: bapa atawa indung ti aki atawa nini
- bao: bapa atawa indung ti uyut
- janggawaréng: bapa atawa indung ti bao
- udeg-udeg: bapa atawa indung ti janggawaréng
- kakait siwur: bapa atawa indung ti udeg-udeg
- karuhun: jujutan kanu leuwih luhur anu geus tilar dunya
- sesepuh: jujutan kanu leuwih luhur nu masih hirup kénéh
- Ka gigir:
-
- lanceuk: dulur sadarah lalaki atawa awéwé anu leuwih kolot
- adi: dulur sadarah lalaki atawa awéwé anu leuwih ngora
- uwa: lanceukna bapa atawa indung
- paman/emang: adi lalaki ti bapa atawa indung
- bibi: adi awéwé ti bapa atawa indung
- alo: anakna lanceuk
- suan: anakna adi
- aki ti gigir: lanceuk lalaki ti aki atawa nini
- nini ti gigir: lanceuk awéwé ti aki atawa nini
- kapilanceuk: sepupu, anak abang/kakak dari ayah/ibu
- kapiadi: sepupu, anak adik dari ayah/ibu
- incu ti gigir: incuna adi
- emang ti gigir: anakna adi aki/nini (lalaki)
- bibi ti gigir: anakna adi aki/nini (awéwé)
- Perkawinan:
-
- salaki: carogé, lalaki anu ngawin pamajikan
- pamajikan: istri, awéwé anu dikawin ku salaki
- mitoha: kolot lalaki atawa awéwé ti pamajikan atawa salaki
- minantu: lalaki atawa awéwé anu dikawin ku anakna mitoha
- lanceuk beuteung: lanceuk ti salaki atawa pamajikan
- adi beuteung: adi ti salaki atawa pamajikan
- Anak:
-
- tunggal: anak hiji-hijina
- cikal: anak anu munggaran
- panengah: anak tengah, anak anu gumelar di tengah-tengah (biasana mah pikeun jumlah anak anu ganjil)
- pangais bungsu: laneuk deukeut ti anak bungsu, kadua ti handap
- bungsu: anak bungsu, anak anu gumelar panungtung
- Istilah Séjén:
-
- lanceuk sabrayna: lanceuk misan anu masih sarundayan ti aki atawa nini
- adi sabrayna: adi misan anu masih sarundayan ti aki atawa nini
- dulur pet ku hinis: dulur kandung, dulur saibu sarama
- dulur sabaraya:dulur pisan, anakna mamang atawa bibi ogé ua
- dulur teges: dulur enya saindung sabapa
- indung téré: pamajikan Bapa lain tapi lain anu ngalahirkeun
- bapa téré: salaki indung tapi lain anu ngalantarankeun lahir
- anak téré : anak sampakan ti salaki atawa pamajikan
- dulur patétéréan: anak indung atawa bapa téré
- baraya laér: baraya anu nurutkeun pancakaki geus jauh
- teu hir teu walahir: teu baraya saeutik-eutik acan
- bau-bau sinduk: baraya kénéh sanajan geus laér
- baraya: sakur anu aya pancakakina
- bésan: indung/bapana minantu
- dahuan: salaki atawa pamajikanna lanceuk
CONTO PANCAKAKI KELUARGAcekap sakieu nu tiasa ka sanggakeun, mugia seueur mangfaatna kangge sadaya. salah sahijina supaya urang teu pareumeun obor. Pamungkas wassalaamu'alaikum wr. wb.
Komentar
Posting Komentar